Rembug Bedas Ka-17 & 18: Bupati Bandung Nampa Bangbaluh Warga Désa Sukajadi jeung Desa Soréang

- 21 Januari 2023, 02:16 WIB
Rembug Bedas Bupati Bandung Dadang Supriatna di Désa Soréang - Sukajadi, Kecamatan Soréang, Kabupatén Bandung.
Rembug Bedas Bupati Bandung Dadang Supriatna di Désa Soréang - Sukajadi, Kecamatan Soréang, Kabupatén Bandung. /SOPANDI/Galura PikiranRakyat.com

GALURA - Bupati Bandung Dadang Supriatna nepungan wargana di Désa Sukajadi jeung Désa Soréang, Kecamatan Soréang, Kabupatén Bandung, dina Rembug Bedas ka-17 jeung ka-18, Juma'ah (20/1/2023).

Dina éta Rembug Bedas,  Dadang Supriatna narima panalék warga ngeunaan prosés pencairan insentif guru ngaji jeung usulan aya insentif pikeun guru Diniyah.

Aya ogé nu ngusulkeun sangkan guru ngaji ditempatkeun di lelewek DKM atawa majelis taklim sangkan arinyana ngajar saban poé ka warga.

Baca Juga: Kadisparbud: Mun geus Resmi Ditunjuk Jadi Pribumi Binojakrama Wayang Golek Purwa Disparbud Siap

Aya ogé deuih warga nu ménta pangungkulan runtah jeung ngoméan jalan nu rusak di wates  Kampung Kramat Mulya jeung Kampung Sukajadi Désa Sukajadi.

Panalek, pameredih, jeung usulan warga téh langsung diréspon ku Dadang Supriatna. Bupati Bandung ngadoakeun masarakat boga kelompok usaha bersama (Kobe) kalawan Rp 5 juta tepi ka Rp 20 juta.

Tumali jeung aspirasi infrastruktur jalan, Bupati Dadang Supriatna nginstruksikeun Dinas PUTR Kabupatén Bandung pikeun nuluykeun jalan rusak nu dialihkeun warga Désa  Sukajadi.

Baca Juga: Nénéng Dinar Ngajarkeun Tembang Sunda di Ranggon Cijagra

"Di Désa Sukajadi, geus dianggarkan Rp 1 miliar pikeun ngoméan jalan. Di Kecamatan Soréang Rp 10 miliar pangwangunan infrastruktur jalan," ceuk Dadang Supriatna.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x