GALURA -Pangwangunan Bale Desa Budiharja, Kecamatan Sindangkasih, Kabupaten Ciamis, tacan rengse 100 persen. Bisa disebutkeun masih keneh rangkay.
“Bale Desa nu tacan anggeus matak ngaganggu dina ngaladenan masyarakat,” ceuk Yuyu, Kepala Desa Budiharja.
Kantor Bale Desa Budiharja asalna satingkat, kiwari jadi 2 lante.
Dina ngabangunna make waragad Bantuan Provinsi (Banprov) taun 2022 jeung bantuan ti Aspirasi Dewan Kabupaten Ciamis.
Pangna Bale Desa Budiharja dijadikeun dua lante, ceuk Yuyu, taya lian ti keur ngaronjatkeun pangladen ka masyarakat.
“Ngarah masarakat nu aya kapentingan ka desa sugema,” ceuk Yuyu.*** Jarkasih