Lahan jeung Gedong Kantor Kejaksaan Negeri Majalengka Hibah ti Pemda Majalengka

- 21 Januari 2023, 07:00 WIB
Gedong Kejaksaan Negeri Majalengka katut lahanna pamere ti Pemda Kabupaten Majalengka.
Gedong Kejaksaan Negeri Majalengka katut lahanna pamere ti Pemda Kabupaten Majalengka. /

GALURA -Kepala Kejaksaan Tinggi (Kejati) Jawa Barat, Prof. Dr. Asep N. Mulyana, ngaresmikan Gedong Kejaksaan Negeri Majalengka, Jumaah (20/01/2023).

Lahan Gedong Kantor Kejaksaan Negeri Majalengka hibah ti Pemkab Majalengka Tina nggaran DAU taun 2022.

Diresmikeunana Gedong Kejaksaan Negeri Majalengka diluuhan ku Bupati Majalengka, Dr. H. Karna Sobahi, M.MPd., Wakil Bupati Majalengka Tarsono D. Mardiana.

Diluuhan oge ku Sekda Majalengka Drs H. Eman Suherman MM, Forkopimda Kabupaten Majalengka, anggota DPR RI Komisi I F.PDI Perjuangan, Dr. H. Tb. Hasanuddin SE MM.

Baca Juga: Di Kantor Golkar Kang Emil Ngaku Boga 'Follower' Jutaan di Media Sosial, Sabaraha Jumlahna Saenyana?

Wakil Ketua DPRD Jabar F.PDI Perjuangan, Hj. Ineu Purwadewi Sundari S.Sos MM, Kepala OPD, camat sa-Kabupaten Majalengka katut tamu ondangan lianna, milu ngaluuhan.

Gedong Kejaksanaan Negri Majalengka, dibangun dina lahan nu legana 1,5 hektar, agreng pisan. Pikeun ngabangunna Pemda Kabupaten Majalengka ngaluarkeun waragad Rp16,4 milyar tina APBD.

Kepala Kejaksaan Negeri Majalengka, Eman Sulaeman, ngahaturnuhunkeun ka Bupati Majalengka kana hibah lahan katut bangunan Kejaksaan Negeri Majalengka.

“Pangwangunan gedong kantor Kejaksaan Negeri Majalengka alhamdulillah dimangpaatkeun ti pamasihan hibah lahan katut wangunan ti Pemkab Majalengka ka Kejari Majalengka," ceuk Eman.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x