Anggota DPRD H. Uya Mulyana: Festival Sound System TSCR Mageuhkeun Beungkeutan Duduluran

- 20 Januari 2023, 07:00 WIB
Anggota DPRD Kabulaten Bandung H. Uya Mulyana jeung Bupati Bandung Dadang Supriatna. (Sopandi/Galura).
Anggota DPRD Kabulaten Bandung H. Uya Mulyana jeung Bupati Bandung Dadang Supriatna. (Sopandi/Galura). /

GALURA -Anggota DPRD Kabupaten Bandung H. Uya Mulyana ngapresiasi acara Festival Sound System nu digelar ku komunitas Tukang Sound Cigondewah Rahayu (TSCR), Kecamatan Margaasih, Kabupaten Bandung salila 2 poé, Rebo-Kemis (18-19/01/2023).

"Ieu téh keur mageuhkeun beungkeutan silaturahmi jeung duduluran teu ukur jeung papada anggota komunitas TSCR, tapi deuih jeung anggota komunitas sound system séjénna ti luar daerah, " ceuk H. Uya.

H. Uya nu ogé Dewan Pembina TSCR nyebutkeun, acara nu digelar di Lapangan Cibeureum RT 04/RW 27 Desa Mekar Rahayu Kecamatan Margaasih teh dina raraga milangkala Komunitas TSCR.

Festival Sound System diiluan ku 50 pamilon, ti anggota komunitas TSCR jeung
sababaraha hiji ti luar daerah. Acara diluuhan ku Bupati Bandung Dadang Supriatna.

Baca Juga: Camat Margaasih: ku Rembug Bedas Warga Bisa Langsung Ngangluh ka Bupati

H. Uya mertélakeun, sajaba kalang silaturahmi, ieu acara ogé digunakan ku sasama anggota komunitas sabagé kalang tukeur pikiran, jeung luang dina widang soundsystem.

"Utamana karageman dina nangtukeun tarip harga sewa sound system. Ulah tepi ka aya saengan teu séhat. Simkuring ogé meredih ka para anggota sangkan ulah nyaruakeun harga antara sewa keur hajatan, miéling hari-hari besar jeung sosial," ceuk H Uya dina lolongkrang acara.

"Geus 2 taun TSCR téh, memang can aya rukun gawé husus jeung Pemda Bandung. Sim kuring keur merjuangkeun aspirasi para anggota komunitas nu kungsi ditepikeun, " ceuk H. Uya. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah