Damkar Ngusir Monyet Liar, Udagan Beunang Katewak, Dipaluruh Kaburu Kabur

- 18 Januari 2023, 19:55 WIB
Murid TK Al Ghifari dipotret reujeung patugas Damkar Satpol PP Kabupaten Kuningan, Rebo, (18/1/2023).*
Murid TK Al Ghifari dipotret reujeung patugas Damkar Satpol PP Kabupaten Kuningan, Rebo, (18/1/2023).* /Damkar Kuningan/


GALURA,- Rebo, (18/1/2023), sababaraha urang patugas Unit Pelaksana Teknis Pemadam Kebakaran (UPT Damkar) Satuan Polisi Pamong Praja (Satpol PP) Kabupaten Kuningan, ngayakeun mitigasi, maluruh monyet liar.

Maluruh monyet liar teh di lingkungan TK Al Ghifari, anu perenahna di Jalan Oto Iskandar Di Nata Kelurahan/Kecamatan Kuningan.Baca Juga: Dina Rembug Bedas ka-15 Bupati Bandung Narima Bangbaluh Warga Nanjung, Ngajukeun IMB, 6 Bulan Can Réngsé

Samemehna, UPT Damkar Satpol PP Kabupaten Kuningan nampa laporan ti Kepala TK Al Ghifari, Chotimah, anu menta bantuan pikeun newak monyet liar.

Ceuk Kepala UPT Damkar Satpol PP Kuningan, Mh. Khadafi,  salila ieu monyet liar ngaganggu katengtreman murid-murid di eta sakola boh keur waktuna diajar boh keur arulin di pakarangan sakola.Baca Juga: PT PLN Majalengka Nganjang ka Polres Majalengka, Aya Patalina jeung Leungitna Trafo

"Basa dipaluruh teh monyet-monyet di luhur suhunan wangunan sakola,  langsung lalumpatan ka jauhna. Mungkin baralik deui ka kebon sareng sisi walungan," ceuk Khadafi.

 Murid-murid katut guru TK Al Ghifari, ceuk Khadafi, marudah ku mucunghulna monyet-K?liar buntut panjang (Macaca Fascicularis).Baca Juga: PT PLN Majalengka Nganjang ka Polres Majalengka, Aya Patalina jeung Leungitna Trafo

Mucunghulna monyet liar teh, ceuk Khadafi, ti lebah pakebonan jeung walungan tebeh kaler lingkungan Pasapen. Sabubuhan monyet liar 3 nepika 6 monyet.

Biasana monyet-monyet anu mucunghul di sabudeureun TK Al Ghifari saban isuk-isuk kira wanci tabuh 7.00-9.00 WIB,  maroyan dina suhunan wangunan sakola.Baca Juga: Nganjang ka Pikiran Rakyat, TGB: Ngaronjatna Elektabilitas Perindo Hasil Solidna Kader Perindo

Ceuk Khadafi, satuluyna, di sabudeureun lokasi TK Al Ghifari teh aya tangkal nangka, buahna leubeut. Kawasna, eta jadi inceran jeung nambah betah pikeun monyet liar di sabudeureun eta sakola.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x