Dina Rembug Bedas ka-15 Bupati Bandung Narima Bangbaluh Warga Nanjung, Ngajukeun IMB, 6 Bulan Can Réngsé

- 18 Januari 2023, 15:31 WIB
Salahsahiji tokoh masyarakat nepikeun bangbaluhna ka Bupati Bandung.
Salahsahiji tokoh masyarakat nepikeun bangbaluhna ka Bupati Bandung. /

GALURA -Bupati Bandung Dadang Supriatna narima saniskara bangbaluh warga Desa Nanjung, Kecamatan Margaasih, Kabulaten Bandung.

Warga nepikeun bangbaluh  dina riungan di hiji tempat di Kampung Musik, RW 11, Desa Nanjung, dina acara Rembug Bedas ka-15, Rebo (18/1/2023).

Salahsahiji bangbaluh warga didadarkeun ku tokoh masyarakat Nanjung, H. Dede Supandi.

Baca Juga: Mieling HUT PDI Perjuangan, Teh Ineu Ngagelar Turnamen Bola Voli Putri di Desa Panyingkiran Majalengka

Inyana katitipan patalékan ti salahsahiji wargana, cenah ngajukeun Izin Mendirikan Bangunan (IMB), geus kana 6 bulan tapi can réngse.

Patali hal ieu, Dadang Supriatna ngaku dirina waé masih can paham pisan ku istilah-istilah perizinan nu geus sistem online.

"Nu asalna Izin Mendirikan Bangunan (IMB), ayeuna jadi Persetujuan Bangunan Gedung (PBG). Simkuring bakal ngabentuk tim pikeun ngaladénan masarakat, sabab teu kabéh masarakat paham IT, " ceuk Dadang Supriatna. *** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x