Khadafi netelakeun, dumasar katerangan ti Kepala TK Al Ghifari, Chotimah, pihak sakola aya anu kungsi mireungeuh monyet asup ka dapur sakola, ngadahar buah nangka.Baca Juga: Bedog Barlen Mucunghul tina Tradisi di Cibeureum Tanjungsiang Jaman Belanda, Kiwari Aya Kahariwang...
"Kantos diusir, mung nya kitu monyet teh kawas anu rek nyerang," ceuk Khadafi, nepikeun katerangan ti pihak sakola.
Ku sabab kitu, sieun ngabahayakeun pikeun-murid-murid Pamustunganna, Chotimah salaku Kepala TK Al Ghifari, ngalaporkeun kaayaan kitu ngaliwatan Call Centre UPT Pemadam Kebakaran Satpol-PP Kabupaten Kuningan di 0232-871113 / 081322698881.***