Bedog Barlen Mucunghul tina Tradisi di Cibeureum Tanjungsiang Jaman Belanda, Kiwari Aya Kahariwang...

- 18 Januari 2023, 11:30 WIB
Bedog Barlen Kampung Cibeureum Desa Tanjungsiang, Subang/Galura/Aam Permana S
Bedog Barlen Kampung Cibeureum Desa Tanjungsiang, Subang/Galura/Aam Permana S /

GALURA - Kampung Cibeureum Desa Tanjungsiang, Subang, kiwari kasohor jadi puseur bedog (golok) Barlen.

Kasohorna Desa Tanjungsiang Kacamatan Tanjungsiang jadi sentra bedog Barlen teh kaitung geus lila naker.

Hanjakalna, ti iraha saenyana warga Kampung Cibeureum Desa Tanjungsiang mimiti jadi tukang panday jeung husus nyieunan bedog, saurang ge taya nu apal.

Baca Juga: Ku Sambel Cibiuk, Onta jeung Badewi Ngabelesat Lumpat

Eta teh kaasup cek Bah Dede, kolot umur 70 taun nu nepi ka ayeuna ngeureuyeuh nyieunan bedog, basa ditepungan ku Galura.

“Teuing atuh Jang ngeunaan eta soal mah. Nu eces mah, Abah keur leutik ge kolot-kolot di dieu geus jadi tukang panday,” pokna. 

Bah Dede ngan ukur bisa naksir, panday di desana geus aya ti keur jaman Walanda keneh. Sabab manehna kungsi ngadangu dongeng ti kolotna mangsa jumeneng keneh, yen Walanda nu gawe di perkebunan di Subang kungsi kabejakeun mesen pakarang kawas pacul, arit jeung sajabana ka panday di Tanjungsiang.

Baca Juga: CSR Pipiets Home Kitchen Amsterdam Ngadongdon SLB Cahaya Gemilang Pertiwi Cianjur

Nya dumasar eta katerangan, Bah Dede nyindekeun yen panday di lemburna geus aya ti jaman Walanda keneh, jauh samemeh Indonesia merdika.

“Meureun ti taun 1800 tungtung ge geus aya, Jang,” pokna.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x