Warga Kagareuwahkeun Mucunghulna Haseup Tina Jero Taneuh

- 17 Januari 2023, 14:10 WIB
Patugas keur mariksa kaayaan di lokasi mucunghulna haseup tina jero taneuh, di Desa Widarasari Kecamatan Kramatmulya, Kabupaten Kuningan, Salasa, (18/1/2023).*
Patugas keur mariksa kaayaan di lokasi mucunghulna haseup tina jero taneuh, di Desa Widarasari Kecamatan Kramatmulya, Kabupaten Kuningan, Salasa, (18/1/2023).* /

GALURA,- Poe Salasa, 17 Januari 2023, kira wanci tabuh 5.30 WIB,urang Desa Widarasari, Kecamatan Kramatmulya, kagareuwahkeun mucunghulna haseup tina jero taneuh.

Kituna teh  diantarana aya warga anu ngambeu bau gas jeung walirang.

Maman Nuryaman (54), anu mireungeuh eta kajadian panasaran nyampeurkeun lebah kaluarna haseup handapeun tihang jaringan telepon.

Ku sabab sieun ngabahayakeun, manehna ngalaporkeun ka patugas Unit Pelaksana Teknis Dinas pemadam Kebakaran (UPTD Damkar) Satuan Polisi Pamong Praja (Satpol PP) Kabupaten Kuningan.

Heuleut sawatara jam ti harita, patugas Damkar datang, mariksa kaayaan sabudeureun, maluruh mucunghulna haseup ti jero taneuh tea.

"Patugas Damkar maluruh bagean kabel luhur, tetela aya sambungan kabel listrik tina tihang listrik anu nempel kana kabel telepon," ceuk Kepala UPTD Damkar Satpol PP Kabupaten Kuningan, Mh.Khadafi Mufti.***

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x