Nyirorot 50 Persen Wisatawan nu Ulin ka Tempat Wisata Bandung Kidul Kabupaten Bandung

- 28 Januari 2024, 05:30 WIB
Barusen Hills Pasirjambu di Kecamatan Pasirjambu, Kabupaten Bandung.
Barusen Hills Pasirjambu di Kecamatan Pasirjambu, Kabupaten Bandung. /Sopandi/galura.co.id

 

GALURA.CO.ID –Sababaraha tempat wisata di wewengkon Bandung kidul, Kabupaten Bandung, dina sababaraha minggu ieu wisatawanna ngurangan. Kamungkinan ku sabab deuk Pemilu.

Salasahiji tempat wisata nu wisatawanna nyirorot teh Barusen Hills Pasirjambu di Kecamatan Pasirjambu, Kabupaten Bandung. Nu ngadongdon ka ieu obyek wisata kulawarga nurun dibandingkeun bulan samèmèhna.

Marketing objek wisata Barusen Hills, Hermawan nyebutkeun, dititen tina data kunjungan saminggu atawa sabulanna Barrusen Hills nyirorotna ampir 50 persen.

Baca Juga: Di Karamat Talun Mbah Kuwu Sangkan di Cirebon Girang, Teu Weleh Loba nu Jaroh

"Ieu kamungkinan bakal lumangsung dugi Pebruari, ku margi paro Pebruari aya Pemilu,” ceuk Hermawan di Pasir Jambu, Sapti, 27 Januari 2024.

Hermawan miharep, sanggeus Pemilu 2024, utamana nyanghareupan bulan Puasa jeung perè lebaran Idul Fitri, wisatawan bisa undak deui.

Sajumlah wahana di Barusen Hills, upamana kolam renang, wahana foto selfie, area camping ground, dano mini tempat kaulinan cai saperti parahu bebek gowes jeung outbound nu dilengkepan flaying fox katitèn rada lalènglang tina pangunjung.

Keur tetep mincut wisatawan dina keur usumna, ceuk Hermawan, pihakna teu welèh ngamotekarkeun tempat wisatana  tur miara wahana supagi tetep kariksa

“Sahambal-sahambal Barrusen Hills terus nambih wahana enggal supados ieu tempat wisata tetep janten salasawios obyek wisata unggulan di Bandung kidul,” ceuk Hermawan.*** Sopandi

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x