Putri Anjungsari (1)

- 18 Januari 2023, 06:00 WIB
/

Bismillah
Neda widi ka Hyang Widi
Ampun paralun ka karuhun
Amit ka seuweu siwi Prabu Siliwangi
Seja nganggit carita
carita lawas
carita mangsa bihari
mangsa pungkasna lalakon
mangsa ngageurina kapeurih

Anu dibungkus dina semu
anu diteundeun di handeuleum sieum
cunduk kana waktu
datang kana wayah
dikiwarikeun bari napak dina wanci
Muga matrikeun wawangi
wawangi nu nebar dina pawinian.

Pasir Raksa Bumi
Haneut moyan, Suba nguniang. Rucang-riceung basa nempo ka luar tina sela-sela bilik nu carang. Rurut-reret ka kenca katuhu geus taya sasaha. Tadi peuting mah parat tepi ka janari leutik aya tujuh urang nu aruplek ngawangkong bari lolobana Suba teu ngartieun ka nu jadi bahan gunemanana. Nu matak campego wae di juru saung, teu nyarita saengab oge. Ongkoh deuih ngarasa dirina, boh dina umur boh dina pangaweruh tacan sabanding.

Di antarana nu tujuh urang teh lima urang mah karek panggih harita, tapi akina mah katempoeunana geus loma. Daratangna kira wanci sareureuh kolot. Harita Suba jeung akina, keur siduru hareupeun durukan di gigireun saung. Siduru bari naheur cai dina delok, jeung bari ngabubuy boled, boled bawana ti imahna, meunang ngunun sabaraha bulan di para seuneu. Boled beureum nu rasana semu amis, mun diseupan atawa dibubuy teh sok kaluar peueutna.

Semah teh geus mareunang umur. Malah geus aya nu bisa kagolongkeun aki-aki. Tapi kabeh oge pangawakanana calangker. Eta wae tas mapay tanjakan nu naraje nu sakitu netekna teu tembong siga nu lungse. Sorot panonna matak serab. Najan kitu paromonana mah bear marahmay. Ka Suba oge nanya, ngan nu nembalanana akina.

Salahsaurang mah make muji sagala. Pajah teh ngora keneh geus hayang neuleuman elmu buhun. Suba teu nyahoeun semah akina teh ti mana we, kana ngaranna oge can apaleun, da puguh karek panggih harita.

Akina ngajak semah unggah ka saung. Ari Suba sina nungguan beuleum boled, bisi tutung, jeung dititah ngawadahan cai kana bekong. Sanggeus asak, boled jeung cai panas disuguhkeun ka semah. Suba terus ka luar deui, angger diuk hareupeun durukan. Tengah peuting unggah ka saung, teu kuateun ku tunduh, milih ngarengkol di juru bari ngabandungan wangkongan semah jeung akina nu katempona teh daria pisan.

Lila-lila mah Suba pules. Inget-inget geus maju ka beurang. Sanggeus pangacianana kumpul, Suba cengkat. Leumpang lalaunan, palupuh kadenge rereketan. Dina golodog, panonna neuteup ka beulah wetan. Runggunukna leuweung kabuyutan Kawali atra kaciri, kalong nu balik kabeurangan kakalayangan neangan paeunteupan. Alun-alun Kawali mah henteu tembong, kitu deui Karaton Surawisesa.

Suba ngoreleng ka pipir saung. Katempo dina batu demprak salasaurang semahna keur jongjong sila nyanghareup ngulon, ka lebah Gunung Sawal. Ku Suba henteu disampeurkeun, bisi ngaganggu. Anggur terus mudun, hayang sibeungeut jeung hayang mandi. Tina sela-sela kakayon katempo cai situ Cipatahunan ririakan, tingborelak, kasorot srangenge.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x