Putri Anjungsari (1)

- 18 Januari 2023, 06:00 WIB
/

Di tutugan pasir, sisi kulah nu caina herang ngagenyas, Suba cingonggo. Dua dampal leungeunna nyiuk cai terus caina dipake sibeungeut, meunang sababaraha kali. Cai karasa nyecep tiis, tapi matak seger. Suba jadi rada cenghar, henteu pati lulungu deui. Ti dinya, leumpang deui muru ka sisi situ Cipatahunan, lebah pancuran nu caina dikocorkeun tina kulah hiji deui nu rada jauh jeung kulah nu caina dipake sibeungeut.

Basa rek ngalaan baju, kana ceulina aya nu ngaharewos, atra pisan kadengena teh.
"Tong wara mandi, bantuan Aki!" (Hanca)

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah