Camat Margaasih: ku Rembug Bedas Warga Bisa Langsung Ngangluh ka Bupati

- 19 Januari 2023, 08:00 WIB
Camat Margaasih Kabupaten Bandung.*
Camat Margaasih Kabupaten Bandung.* /

GALURA -Camat Marghaasih, Akhmad Rifa'i, ngahaturkeun nuhun ka Bupati Bandung, Dadang Supriatna, nu tas ngalaksanakeun Rembug Bedas ka -15 di Kecamatan Margaasih, Rebo (18/01/2023).

"Dongkapna Bupati Bandung utamana di dua desa: Nanjung jeung Margaasih enya-enya masihan bongbolongan sareng solusi kana rupi-rupi  pasualan," pokna.

Ceuk Akhmad Rifa'i, hal-hal nu luyu jeung 13 Program Bupati geus dijawab tuntas ku Bupati Bandung.

"Solusina luyu sakumaha dipiharep warga, "ceuk Akhmad Rifa'i nu dibarengan ku Sekcam, Yula Zulkarnain, di kantorna satutas Rembug Bedas.

Baca Juga: Kiwari Dibaekeun, Konservasi Alam ku Karuhun Sunda Dipentingkeun pisan

Sapertina baé masalah SMPN 2 Margaasih nu kakurangan ruangan kelas, ngalantarankeun siswa diajarna di-2-sipkeun.

Ceuk Akhmad Rifa'i, ieu pameredih ti tokoh masarakat Desa Nanjung langsung dijawab Bupati Bandung.

Bupati Bandung nyebutkeun pihak sakola sakagancangna ngajukeun proposal hayang sabarha hiji rohangan kelas dibangun.

Bupati Bandung ngaréspon ieu pameredih warga pikeun nunjang target Pemda Bandung bisa ngahontal rata-rata lila sekola warga Kabupaten Bandung 10 taun dina taun 2023.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x