Narima Bangbaluh ti Warga Anggota Komisi C DPRD Kabupaten Bandung Kungker ka Cibeureum Ciwidey

- 18 Januari 2023, 19:52 WIB
Anggota Komisi C DPRD Kabupaten Bandung ngadongdon Cibeureum Ciwidey, ngilikan drainase.
Anggota Komisi C DPRD Kabupaten Bandung ngadongdon Cibeureum Ciwidey, ngilikan drainase. /

GALURA -Anggota Komisi C DPRD Kabupaten Bandung kunjungan kerja (kunker) dalam daerah ka Cibeureum Ciwidey, Rebo (18/01/2023).

Salasahiji anggota Komisi C DPRD H. Tatang Sudrajat, nyebutkeun kunker ka Cibeureum Ciwidey teh sanggeus narima laporan ti warga ngeunaan banjir sawatara waktu kaliwat nu ngeueum sawah jeung pamukiman.

"Usum ngijih wewengkon Blok Kopeng sabudeureun Pasar Cibeureum remen kakeueum. Ieu téh alatan kaayaan kamalir cai nu teu mampuh ngawadahan debit cai, " ceuk Tatang di lokasi.

Baca Juga: Pindad Baris Ngaluarkan Kandaraan Taktis Listrik Taun Hareup, Ngaranna ti Presiden Jokowi, MAUNG!

Ti Komisi C ngusulkeun sangkan pamarentah Kabupaten Bandung sagancangna ngungkulan bangbaluh warga.

"Alhamdulillah kamalir geus dibenerkeun. Ayeuna simkuring saparakanca kari nungguan, hasil memener kamari. Naha mampuh ngantisipasi nu diangluhkeun warga? " pokna.

Di tempat nu sarua, Sekretaris Dinas PUTR Endang Kusmawanto nyebutkeun waragad memener kamalir cai di Cibeureum ngagunakeun anggaran taun 2023.

”Dilaksanakeun leuwih awal, sabab kaasup 'tanggap darurat' dumasar usulan ti masarakat," ceuk Endang.

Baca Juga: PT PLN Majalengka Nganjang ka Polres Majalengka, Aya Patalina jeung Leungitna Trafo

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x