Putri Anjungsari (3)

- 21 Januari 2023, 06:00 WIB
/

KI, ning geus di dieu?” ceuk Suba haroshos.

Aki Jaya ngalieuk, séréngéh seuri.

“Na ti mana heula, Jalu?” pokna malik nanya.

Suba teu némbal, ukur garo-garo teu ateul tuluy mantuan niupan ruhak, maké songsong nu dijieun tina awi. Ruhakna ditumpangan ku baralak, sakeudeung ogé baralakna hurung.

Suba nambahan deui baralakna. Tapas jeung batok kalapa nu geus garing dikanadurukankeun, keur meuleum lauk mun engké geus ruhay.

Pangangguran Suba ngarérét kana lauk kancra, diitung kurang tilu.

“Anu tilu deui mah dipaké muruhan,” ceuk Aki Jaya.

Suba ngélémés. Eusi haténa deui-deui bisa ditebak ku Aki Jaya. Suba teu terus nyarita deui, hatena panasaran hayang nanyakeun ka Aki Jaya muruhan saha. Panyangkana mah keur muruhan nu ngala lauk.

Suba ngamparkeun pangpung, ditumpangkeun kana luhureun lebu nu ngelun kénéh, deukeut tapas jeung batok nu geus hurung ngagebur.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x