Nu Balantik Dodol Karanjang Imlék di Tasikmalaya jeung Banjar keur Meujeuhna Bungah, Pesenan Merul!

- 21 Januari 2023, 09:15 WIB
Nu usaha dodol karanjang di Tasikmalaya jeung Banjar keur meujeuhna bungah/zonapriangan.com
Nu usaha dodol karanjang di Tasikmalaya jeung Banjar keur meujeuhna bungah/zonapriangan.com /

GALURA - Nu balantik kana dodol karanjang Imlék di Tasikmalaya, ayeuna keur meujeuhna bungah haté.

Tangtu waé bungah haté nu balantik kana dodol karanjang imlek teh lantaran daganganna ayeuna keur meujeuh payu.

Nu pesen dodol karanjang Imlek, merul, nepi ka méh-méhan teu kaladangan.

Baca Juga: Pakansi Pabaru Imlék di Taman Safari Indonesia Cisarua Bogor, Aya Parade Sun Go Kong, Ieu Beréndélan Acarana

"Muhun ti kamari mula, sateuacan Imlék, nu mesen teras merul," cek Men Sen, pangusaha nu boga pabrik dodol di Kota Tasikmalaya.

Nu matak reueusna, cenah, nu pesen dodol karanjang ti manéhna téh lain waé ti Tasikmalaya, tapi deuih ti sawatara wewengkon séjén ti luar kota.

Ulah héran, mun pesenan nu kudu diladangan ku pausahaan Men Sen, dina sapoé leuwih ti 50 kilo gram.

Baca Juga: Matak Reueus, Payung Geulis Tasikmalaya Jadi Pamilon Hiji Festival di Thailand, Ngawakilan Indonesia

Ngan Men Sen can apal, naha dina usum imlék ayeuna, dodol karanjangna bakal laku réa cara saméméhna atawa moal.

Biasana, dina usum imlék téh, manéhna bisa ngaluarkeun dodol nepi ka dua ton.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x