Rek Néwak Bayawak, Dua Warga Pataruman Banjar Kabawa Cai Citanduy, Nepi ka Kiwari Can Kapanggih

- 20 Januari 2023, 10:52 WIB
Keur neangan bayawak di Citanduy dua warga Pataruman kabawa cai/Instagram @basarnas_jabar
Keur neangan bayawak di Citanduy dua warga Pataruman kabawa cai/Instagram @basarnas_jabar /

GALURA - Abong kudu picalakaeun. Najan geus biasa meuntas walungan Citanduy, Kota Banjar gé, ari guratna goréng mah, bet nandangan cilaka.

Kitu nu kaalaman ku Adi Mulyana dan Héris Sanjaya, dua warga Pataruman, Kota Banjar, Jawa Barat téh.

Sakumaha anu dijéntrékun ku Kepala Kantor SAR Bandung Jumari S.E, Kemis 19 Januari 2023 kamari, Adi jeung Heris, katut tilu urang deui, nyaeta Hendri, Adit jeung Galang, kawas sasari moro bayawak (biawak) di walunga Citanduy.

Baca Juga: Wangsit Siliwangi

Baca Juga: Neneng Dinar: Kudu Aya ‘Political Will’ ti Pamaréntah pikeun Mekarkeun Seni Tradisi di Jawa Barat

Baca Juga: Di Kantor Golkar Kang Emil Ngaku Boga 'Follower' Jutaan di Media Sosial, Sabaraha Jumlahna Saenyana?

Maranéhna, salila ieu memang remen pisan néangan bayawak di walungan Citanuduy, pikeun dijual.

Maranéhna gé remen meuntas walungan jeung ngojay, nepi ka geus wanoh kana sipat cai di Citanduy. 

Ngan Kemis kamari mah tétéla Adi jeung Heris téh teu bisa majar kumaha. Gurat hirupna meureun geus kudu kitu.

Baca Juga: Sean Idol, Geus Nyiptakeun Lagu keur Sababaraha Albumeun, ngan Niténan heula Kondisi Pasar

Halaman:

Editor: Aam Permana S

Sumber: Instagram @basarnas_jabar


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x