Nu Kabawa Cai Walungan Citanduy Basa Neangan Bayawak di Banjar, Kapanggih Jadi Layon di Bendungan Manganti

- 21 Januari 2023, 15:15 WIB
Tim SAR basa keur maluruh dua korban tilelep di Citanduy/Instagram @basarnas_jabar
Tim SAR basa keur maluruh dua korban tilelep di Citanduy/Instagram @basarnas_jabar /

GALURA - Adi Mulyana jeung Héris Sanjaya, dua warga Pataruman, Kota Banjar, Jawa Barat nu tilelep jeung kabawa palid di Walungan Citanduy Kota Banjar téh kapanggih ku Tim SAR Gabungan.

Kapanggihna lain di wewengkon Kota Banjar, tapi di bendungan Manganti, Ciamis, kira 30 km ti tempat kajadian.

Ngan nya kitu, kapanggihna Adi Mulyana jeung Heris Sanjaya téh geus ngababatang jadi layon.

Baca Juga: Rek Néwak Bayawak, Dua Warga Pataruman Banjar Kabawa Cai Citanduy, Nepi ka Kiwari Can Kapanggih

"Muhun kapendakna tos janten layon," cek Komandan Tim Rescue Pos SAR Tasikmalaya, Bagus Prayogo, Saptu 21 Januari 2023.

Saméméhna diwartakeun yen Adi jeung Heris, katut tilu urang deui, nyaéta Hendri, Adit jeung Galang, kawas sasari moro bayawak (biawak) di walungan Citanduy.

Maranéhna, salila ieu memang remen pisan néangan bayawak di walungan Citanuduy, pikeun dijual.

Baca Juga: Hujan Ngagebrét tur Rohaka Jumaah Pasosoré Ngabalukarkeun Caah jeung Urug di Pakidulan Garut

Maranéhna gé remen meuntas walungan jeung ngojay, nepi ka geus wanoh kana sipat cai di Citanduy.

Ngan Kemis kamari mah tétéla Adi jeung Heris téh teu bisa majar kumaha. Gurat hirupna meureun geus kudu kitu.

Halaman:

Editor: Aam Permana S

Sumber: ANTARA


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x