Putri Anjungsari (4)

- 22 Januari 2023, 06:00 WIB
/

MAHARAJA Kawali jeung kami sorangan.”

“Ngan duaan? Hadé. Ulah tepi ka betus. Carékna indung suku ogé ulah dibéjaan. Anu engké marengan Aki ogé henteu nyahoeun, ukur Kai Kanta. Ngan Kai Kanta mah henteu milu. Tugur di dieu. Ngaluluguan di dieu.”

“Atuh kumaha engké di jalan?” ceuk nu dibaju hideung bari mencrong Aki Jaya.

“Tong hariwang. Anu ngabaturan Aki geus kawilang asak, batin jeung lahirna, arinyana hayang kawas puragabaya.”

“Kami percaya.”

“Di lembur nu rék kaliwatan loba kénéh balad. Dapon madang sahuapeun mah moal hésé.”

“Kumaha mun geus parindah ageman?”

“Ageman moal matak ngabengkahkeun. Moal matak megatkeun babarayaan. Moal matak ngalantarankeun cidra, moal matak meuraykeun kasatiaan.”

“Aya buktina?”

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x