Netepkeun 2251 Peserta KMD Kwarcab Kabupaten Bandung, Bupati: Anggota Pramuka Kudu Aub dina Pangwangunan

- 25 Januari 2023, 06:44 WIB
Bupati Bandung netepkeun 2251 peserta KMD Kwarcab Pramuka Kabupaten Bandung di Dome Bale Rame Komplek Gedong Budaya Soreang, Salasa (24/1/2023).*
Bupati Bandung netepkeun 2251 peserta KMD Kwarcab Pramuka Kabupaten Bandung di Dome Bale Rame Komplek Gedong Budaya Soreang, Salasa (24/1/2023).* /(SOPANDI/Galura Pikiran Rakyat.com).

 

GALURA - Bupati Bandung Dadang Supriatna  netepkeun 2251 peserta Kursus Pembina Pramuka Mahir Tingktat Dasar (KMD), ngawengku 963 KMD putra, jeung 1288 KMD putri. Netepkeun peserta KMD téh lumangsung di Bale Rame, Komplek Gedong Budaya Soreang, Salasa(24/1/2023). 

Dina éta kasempetan Bupati ogé ngistrénan Pengurus Mabiran jeung Kwartir Ranting, Pengurus Satuan Kerja Pramuka, Pengurus Satuan Komunitas Pramuka katut Inagurasi Kursus Pembina Pramuka Mahir Tingktat Dasar (KMD). 

Baca Juga: Putri Anjungsari (7)

Dadang Supriatna nétélakeun, citra Pramuka nu geus kawangun kudu terus dipertahankeun ku sakumna anggota ku cara aktif dina pangwangunan dina sagala aspék kahirupan  masarakat, nu luyu jeung Trisatya jeung Dasa Dharma tur kudu ngakar kana unggal sanubari anggota Pramuka.

Bupatii miharep, ku ayana tantangan nu disanghareupan, gerakan Pramuka bisa terus ngainovasi jeung ngararancang kagiatan nu proaktif.

Baca Juga: Pantun, Seni Tradisional Sunda nu Sakral, Teu Sagawayah Dipintonkeun

“Gerakan Pramuka kudu mampuh jadi bénténg generasi ngora tina pergaulan bébas, narkoba, séks bébas, minuman keras, sarta aub kana nyosialisasikeun bahaya pernikahan dini,” ceuk Dadang Supriatna. 

Ketua Harian Kwarcab Kabupaten Bandung Saeful Bahri miharep, ku diistrénan jeung ditetepkeunana KMD ku Kak Mabicab, éta para pembina téh bisa jadi motor penggerak saban Gugusdepan. Gugusdepan ieu jadi basis pikeun ngagerakkeun roda organisasi, jeung jadi pembina-pembina nu masagi.*** Sopandi

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x