Travo Gardu Listrik di Citangtu Kabentar Gelap, Aliran Listrik di Sababaraha Desa Pareum

- 24 Januari 2023, 21:44 WIB
Patugas keur menerkeun gardu listrik anu kabentar gelap, di Kelurahan Citangtu, Kecamatan/Kabupaten Kuningan, Salasa, (24/1/2023).*
Patugas keur menerkeun gardu listrik anu kabentar gelap, di Kelurahan Citangtu, Kecamatan/Kabupaten Kuningan, Salasa, (24/1/2023).* /DOK DAMKAR KUNINGAN/

GALURA-Travo jeung sikring di gardu listrik sabudeureun Kelurahan Citangtu, Kecamatan/Kabupaten Kuningan, pancegna di Lingkungan Pahing RT 08 RW 02 kahuru, Salasa, 24 Januari 2023.

Eta alatan  travo jeung sikring kabentar gelap. Balukarna aliran listrik di sababaraha daerah pareum.

Kepala Unit Pelaksana Teknis Pemadam Kebakaran (UPT Damkar) Satuan Polisi Pamong Praja (Satpol PP) Kabupaten Kuningan, Mh. Khadafi Mufti, nyebutkeun pihakna nampa laporan ti Babinsa Kelurahan Citangtu, Yusuf, patali reujeung ayana eta kajadian.

Baca Juga: Kerep, Urug di Kuningan, Warga Kudu Leuwih Iatna

Basa hujan badag dibarung sora geledeg, ceuk Khadafi, aya warga diantarana anu ningali lampu dina kaayaan henteu stabil.

“Waktos patugas ngaloris gardu listrik, katingal aya seuneu dina sikring  listrik,” ceuk Khadafi.

Khadafi netelakeun, eta kajadian satuluyna dipasrahkeun ka pihak PLN, pikeun dihadean nepika aliran listrik bisa normal deui.***

 

 

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x