Jadi Ketua Umum KONI Kabupaten Bandung, Yana Suryana Nargétkeun Asup 3 Besar di Porprov Jabar 2026

- 25 Januari 2023, 07:16 WIB
Musyawarah Olahraga Kabupaten (Musorkab) KONI Kabupaten Bandung nu digelar di Gedung Pandawa Pangkalan TNI AU Sulaiman, Kecamatan Margahayu, Kabupaten Bandung, Salasa (24/1/2023).*
Musyawarah Olahraga Kabupaten (Musorkab) KONI Kabupaten Bandung nu digelar di Gedung Pandawa Pangkalan TNI AU Sulaiman, Kecamatan Margahayu, Kabupaten Bandung, Salasa (24/1/2023).* /(SOPANDI/Galura Pikiran Rakyat.com).

GALURA - Komite Olahraga Nasional Indonesia (KONI) Kabupaten Bandung dina masa bakti 2023-2027 ieu dipingpin ku Yana Suryana, ngagantikeun Ketua Umum 2 periode saméméhna Herda M. Gani.

Saméméhna, Yana ngajabat Sekretaris Umum KONI Kabupaten Bandung. Inyana kapilih sacara aklamasi dina Musyawarah Olahraga Kabupaten (Musorkab) KONI Kabupaten Bandung nu digelar di Gedung Pandawa Pangkalan TNI AU Sulaiman, Kecamatan Margahayu Kabupaten Bandung, Salasa (24/1/2023).

Baca Juga: Netepkeun 2251 Peserta KMD Kwarcab Kabupaten Bandung, Bupati: Anggota Pramuka Kudu Aub dina Pangwangunan

Yana nétélakeun, sanggeus kapilih inyana bakal sagancangna nyusun kapangurusan anyar. Sedengkeun targét dina Pekan Olahraga Provinsi (Porprov) Jawa Barat 2026 engké di Bogor, inyana nargétkeun asup 3 besar atawa meunang100 medali emas.

"Ieu kudu dirarancang ti ayeuna kalawan maksimal. Sanajan beurat saingan jeung darah séjén, utamana pribumi, Bogor
tapi urang kudu yakin. "Manjada wajada"
teu aya nu teu mungkin. Sim kuring saparakanca baris usaha satekah polah,” ceuk Yana.

Musorkab ditutup ku Bupati Bandung Dadang Supriatna. Inyana nganuhunkeun ka pangurus KONI heubeul nu geus ngabuktikeun hasil gawé.

Baca Juga: Putri Anjungsari (7)

Dadang Supriatna ngaaprésiasi kinerja KONI di kapangurusan Herda M Gani. Kabupaten Bandung di Porprov kamari asup 5 besar, nu mimitina 8 besar. "Dina Porprov kamari, tina targét 65 medali emas meunang 75 medali emas,” pokna.

Ketua KONI Kabupaten Bandung periode 2023-2027 Yana Suryana jeung Bupati Bandung Dadang Supriatna.*
Ketua KONI Kabupaten Bandung periode 2023-2027 Yana Suryana jeung Bupati Bandung Dadang Supriatna.* /Galura Pikiran Rakyat.com)

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x