Muka Munas II, Bupati: OpenDesa Ngaronjatkeun Poténsi Wilayah liwat Informasi

- 22 Januari 2023, 21:02 WIB
Bupati Bandung muka Musyawarah Nasional OpenDesa di Désa Cigondéwah Hilir, Kecamatan Margaasih.*
Bupati Bandung muka Musyawarah Nasional OpenDesa di Désa Cigondéwah Hilir, Kecamatan Margaasih.* /(SOPANDI/Galura Pikiran Rakyat.com.)

GALURA - Bupati Bandung Dadang Supriatna boga kamandang, digitalisasi dina sagala séktor geus jadi hal nu kacida penting tur teu bisa disinglar. Ku kituna inyana kacida ngaaprésiasi kana pamangpaatan aplikasi OpenDesa.

Éta kamandang Dadang Supriatna téh ditepikeun basa muka kagiatan Musyawarah Nasional (Munas) II OpenDesa 2023 di Balé Pertemuan Désa Cigondéwah Hilir, Kecamatan Margaasih Kabupatén Bandung, Ahad (22/01/23).

Ieu OpenDesa, ceuk Bupati, pikeun leuwih ngaronjatkeun poténsi wilayah liwat téknologi informasi sumber terbuka nu haratis tur bébas digunakeun.

Baca Juga: Hayang Gumebyarkeun Voli Bal di Kabupatén Bandung, Anggota DPRD H. Uya Mulyana Ngarojong 'Baduy Cup'

"Digitalisasi téh penting kacida. Ieu hiji inisiatif tur inovasi nu kacida luar biasa. Ku ieu OpenDesa, urang bisa niténan informasi-informasi di masing-masing désa," ceuk Dadang Supriatna.

Bupati Bandung nambahkeun, engké liwat Dashboard OpenDesa, dirina bisa niténan langsung sagala data nu dibutuhkeun ku Pamaréntah Kabupaten Bandung minangka bahan pangdukung panetepan kawijakan.

“Engké, liwat dashboard nu dikokolakeun ku Diskominfo, sim kuring bisa ningali  langsung tur niténan kagiatan-kagiatan OPD, kepala désa, kaasup ka tingkat RT, tepi ka titik lokus imah. Imah miskin, masarakat miskin, bantuan BLT, jeung nu lianna. Insyaalloh di bulan Maret bérés kabéh," ceuk Bupati.

Baca Juga: Putri Anjungsari (4)

Ketua Umum OpenDesa nu ogé Ketua Panitia OpenDesa Lusianto mertélakeun, tujuan pihakna ngayakeun ieu acara, pikeun ngarojong lumangsungna pangembangan Sistem Informasi Désa (SID) nujul désa cerdas, nu geus digunakan ku leuwih ti 17.500 désa.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x