KWT Lestari Alam Ngahangkeutkeun Melak Sayuran di Pakarangan, Ika : Kudu Jadi Conto KWT Sejenna

- 22 Januari 2023, 17:32 WIB
Ketua Tim Penggerak PKK Kabupaten Kuningan, Ika Acep Purnama (make cetok beureum), milu miara pelak sayuran di lahan  bibit KWT Lestari Alam Desa Setianegara, Kecamatan Cilimus, Ahad, (22/1/2023)
Ketua Tim Penggerak PKK Kabupaten Kuningan, Ika Acep Purnama (make cetok beureum), milu miara pelak sayuran di lahan bibit KWT Lestari Alam Desa Setianegara, Kecamatan Cilimus, Ahad, (22/1/2023) /Ajun Mahrudin/

GALURA-Melak tutuwuhan di pakarangan Imah, hususna jenis sayuran, sajaba bisa nyumponan kabutuh sapopoé, ogé nyumponan kabutuh pikeun kasaimbangan gizi.

Samalah bisa leuwih aman, ku sabab dipelak ku sorangan, dipiara ku sorangan, jeung kapetik langsung ti pakarangan imah sorangan.

Leuwih ti kitu, lamun pakarangan Imah teh lega bisa melak tutuwuhan ku cara babarengan, ngabentuk kelompok tani.

Baca Juga: Bunga Désa Dadang Supriatna di Sukanagara Direuah-reuah Pagelaran Wayang Golék Bhatara Séna

Di wewengkon Kabupaten Kuningan kiwari aya salah sahiji kelompok wanita tani (KWT) anu  keur ngahangkeutkeun melak sayuran di lahan pakarangan.

Nyatana, KWT Lestari Alam, Desa Setianegara, Kecamatan Cilimus, melak rupa-rupa jenis sayuran di lahan pakarangan sacara husus anu legana kurang leuwih 10 bata.

Eta lahan anu dipelakan rupa-rupa jenis sayuran kayaning sosin, pecay, tomat, saledri jeung jenis sayuran sejenna teh, lahan milik Kepala Desa Setianegara nu dimangfaatkeun ku eta kelompok.

Baca Juga: Nu Kabawa Cai Walungan Citanduy Basa Neangan Bayawak di Banjar, Kapanggih Jadi Layon di Bendungan Manganti

"Ieu lahan teh kagungan ibu Kuwu nu dimangfaatkeun ku KWT. Alhamdulillah sababaraha dinten kapengker pelak sayuran teh tos dipanen," Ceuk Ketua KWT Lestari Alam, Riche Wahyu Dety Kurnia, ka Galura, Ahad, (22/1/2022).

Ceuk Riche, ladang sayuran nu dipanen teh dijual, ladangna digolangkeun deui pikeun meuli, gemuk jeung waragad psmiaraan sejenna.

Leuwihna ditabungkeun di Bank Kuningan, kakara meunang Sajuta Rupia.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x