Baca Juga: Hujan Ngagebrét tur Rohaka Jumaah Pasosoré Ngabalukarkeun Caah jeung Urug di Pakidulan Garut
Kepala Desa Setianegara, Nani Sumarni ngadeudeul dina mekarkeun KWT Lestari Alam dina raraga ngaronjatkeun panghasilan kulawarga.
"Nya kapayunna mah diharepkeun tiasa janten panghasilan desa, tiasa ngawujudkeun désa nu pinunjul, anu didadasaran ku tarekah ngaronjatkeun karaharjaan kulawarga,” ceuk Nani
Sajeroning kitu, Ketua Tim Penggerak PKK Kabupaten Kuningan, Ika Acep Purnama, KWT Lestari Alam diharepkeun bisa jadi conto pikeun KWT sejenna di wewengkon Kabupaten Kuningan.
KWT Lestari Alam Desa Setianegara, ceuk Ika, geus bisa ngabuktikeun karancageanna dina enggoning ngarojong program pamarentah daerah dina pemberdayaan anu ngarit konsumsi pangan lokal.
" KWT Lestari Alam dipiharep mampuh ngaronjatkeun pemberdayaan masarakat, museur kana sual mekarkeun konsumsi pangan nu nyoko kana sumberdaya lokal,” ceuk Ika ***