Hayang Gumebyarkeun Voli Bal di Kabupatén Bandung, Anggota DPRD H. Uya Mulyana Ngarojong 'Baduy Cup'

- 22 Januari 2023, 20:27 WIB
Anggota DPRD Kabupatén Bandung H. Uya Mulyana masrahkeun tropi ka Juara I Turnamén Voli Bal Baduy Cup 2022.*
Anggota DPRD Kabupatén Bandung H. Uya Mulyana masrahkeun tropi ka Juara I Turnamén Voli Bal Baduy Cup 2022.* /SOPANDI/Galura Pikiran Rakyat.com)

GALURA - Anggota DPRD Kabupatén Bandung H. Uya Mulyana hayang ngagumebyarkeun olah raga voli bal di Kabupatén Bandung. Ku kituna, ieu législator PKB teh ngarojong pisan Turnamén Voly Bal nu diayakeun ku Komunitas Balad Uya Mulyana (Baduy ) Cup 2022 rukun gawé jeung Bomber Baraja Katapang.

"Sim kuring hayang ngagumebyarkeun voli bal di Kabupatén Bandung. Ku ieu turnamén warga bakal sehat, sarta dipiharep ngaronjatkeun tali silaturahmi liwat olah raga voli," ceuk H. Uya dina lolongkrang babak final di Lapangan Voly Bal RW 20 Baraja, Désa Cilampeni, Kecamataan Katapang, Kabupatén Bandung, Ahad (22/1/2023).

Uya ogé miharep, ieu kagiatan bisa jadi salasahiji pembinaan supaya atlét Bola Voly Kabupatén Bandung teu ngabéla tim daérah séjén, tapi jadi bibit tim Kabupatén Bandung.

Baca Juga: Bunga Désa Dadang Supriatna di Sukanagara Direuah-reuah Pagelaran Wayang Golék Bhatara Séna

"Lantaran teu saeutik atlét nu aralus maénna, dina olah raga naon waé, tapi nalika teu aya pembinaan antukna arinyana pindah ka klub daerah séjén. Muga-muga ku ayana ieu spirit, rasa duduluran dina voli bal di Kabupatén Bandung, mingkin pageuh,”  ceuk H. Uya.

Uya nganuhunkeun ka sakumna panitia nu kacida sumanget ngayakeun ieu turnamén salila leuwih ti sabulan leuwih. Inyana ogé nganuhunkeun deuih ka peserta nu ngajungjung sportivitas.

Uya nyebutkeun, ieu turnamén sabenerna awal, lantaran engké aya Pordés Bupati Cup anu pesertana ti saban désa.

Baca Juga: Ketua Déwan Pengawas: Perumda Air Minum Tirta Raharja Bisa Ngagunakeun CSR pikeun Ngokolakeun Leuweung

Ketua Panitia Oman Rohman mertélakeun, ieu Turnamen Baduy Cup 2022 téh diiluan ku 18 tim bola voli putra jeung 10 tim putri. Lumangsung ti 24 Désémber 2022.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x