840 PPS Dilantik jeung Disumpah, Ketua KPU Kabupaten Bandung: Siap Ngalaksanakeun Pemilu

- 25 Januari 2023, 07:46 WIB
Ketua KPU Kabulaten Bandung Agus Baroya (panghareupna), jeung Bupati Bandung Dadang Supriatna (kadua), ngawilujengkeun ka para anggota PPS nu tas dilantik.*
Ketua KPU Kabulaten Bandung Agus Baroya (panghareupna), jeung Bupati Bandung Dadang Supriatna (kadua), ngawilujengkeun ka para anggota PPS nu tas dilantik.* /(SOPANDI/Galura Pikiran Rakyat.com).

GALURA - 840 urang Panitia Pemungutan Suara (PPS) keur Pemilihan Umum 2024 sa-Kabupaten Bandung dilantik jeung disumpah, di Hotel Sutan Raja Soreang, Salasa (24/1/2023).

Ketua KPU Kabupaten Bandung Agus Baroya nyebutkeun, PPS sajumlah sakitu téh 3 urang ti saban désa kali 280 désa/kelurahan sa-Kabupaten Bandung. 

Baca Juga: Jadi Ketua Umum KONI Kabupaten Bandung, Yana Suryana Nargétkeun Asup 3 Besar di Porprov Jabar 2026

"Sajaba PPS, dihadirkeun ogé Panitia Pemilihan Kecamatan (PPK) pikeun gelar pasukan,  némbongkeun yén urang siap ngalaksanakeun Pemilu," ceuk Agus. 

Agus nétélakeun, dina poé harita kénéh, ampir dina jam nu sarua KPU sa-Indonesia ngalantik anggota PPS. "Jadi poé ieu aya tilu agenda dimaratonkeun, gelar pasukan, ngalantik anggota PPS, jeung bimbingan teknis, tepi ka soré," pokna.

Bupati Bandung Dadang Supriatna hadir dina éta acara. Inyana nepikeun kamandang, 

pelaksanan Pemilu 14 Pébruari 2024 engké hiji peristiwa politik skala gedé. 

Baca Juga: Pantun, Seni Tradisional Sunda nu Sakral, Teu Sagawayah Dipintonkeun

Ceuk Bupati, tolak ukur suksésna Pemilu téh gumantung tingkat partisipasi masarakat." Beuki luhur partisipasi masarakat dina méré hak pilihna, leuwih ligitimid éta Pemilu, " pokna. 

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x