Ieu Jangji Henhen Persib Bandung Nalika Nyanghareupan Borneo FC Kemis 26 Januari, Sangkan Teu Tijalikeuh!

- 25 Januari 2023, 14:15 WIB
Henhen Herdiana Persib Bandung
Henhen Herdiana Persib Bandung /Persib.co.id/Barly Isham.

Persib ayeuna teh kaasup keur meujeuhna mangprang.

Buktina, dina 11 pertandingan panungtung, Persib can kungsi éléh, nepi ka posisina ayeuna terus nérékél dina klasemen saheualanan BRI Liga 1.

Nurutkeun Henhen, ponggawa Maung Bandung ayeuna rek ihtiar pisan sangkan teu tijalikeuh dina pertandingan nu rek disorang, kaasup ngayonan Borneo FC isukan.

Mun tijalikeuh, posisi Persib tangtu nyirorot deui. Tapi mun meunang, kaasup nalika adu hareupan jeung Borneo FC, Persib Bandung bisa aya di puncak klasemen sementara.

Baca Juga: Rakor Kemendagri jeung Daerah, Sekda Ciamis Tatang: Inflasi Kudu Bisa Diungkulan

"Laga ngalawanan Borneo FC penting kacida kanggo manjangkeun tren positif Maung Bandung," cek Henhen. ***

 

Halaman:

Editor: Aam Permana S

Sumber: Persib co.id


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x