GALURA - Pamaen galandang Marc Klok boga karep hayang mawa Persib Bandung ngarebut deui tahta klasemen saheulanana BRI Liga 1 nu ayeuna dicekel Persija Jakarta.
Eta sababna, dina nyanghareupan PSIS Semarang di kandangna, Stadion Jatidiri, Salasa 31 Januari 2023 jam 16.30 ayeuna, Klock rek maen daria jeung nembongkeun pangabisana kalawan maksimal.
"Laga engke waktos nu pas ngarebut deui tahta klasemen Liga 1," cek pamaen lapangan tengah naturalisasi asal Walanda teh.
Baca Juga: Lima Barang nu Sok Dipake Ngirim Santet, Sihir atawa Teluh, Gancang Piceun Mun Aya di Imah!
Baca Juga: QS Al Falaq tur Hartina, keur Nyinglar Santet, Sihir jeung Teluh, Ieu Cara nu Dicontokeun Nabi
Klok, jangjina rek mantuan pamaen hareup nyipktakeun peluang nyitak gol nepi ka golna ku operan-operan sampurna ti lapangan tengah.
Malah, cenah, mun aya lolongkrang, manehna oge baris usaha satekah polah ngasupkeun bal ka gawang lawan.