GALURA - Mun ka Subang, sakali-sakali mah nyaba ka sirah cai atawa mata air, sabab di Subang rea pisan sirahna caina. Tempat ulin atawa wisata murah.
Eta teh cek sobat urang Kacamatan Kasomalang, Subang, nu ngaranna Sahidi, dina hiji waktu.
Samalah Sahidi, sobat keur kuliah di Unsap Sumedang teh ngarekomendasikeun hiji sirah cai di wewengkon Desa Pasanggarahan, Kacamatan Kasomalang nu katelah Cimincul.
Baca Juga: Bupati Majalengka Reuwaseun, Ningal Pamuda Keuna Serangan Jantung Ngadadak di Panto Lif RSUD Cideres
"Mangga geura sungsi, caina canembrang herang, tiasa kokojayan sareng teuleum oge," pokna satengah promosi.
Dijurung ku panasaran, basa pareng ka Subang, Galura hiji waktu ngahajakeun maneh ka sirah cai (mata air) Cimincul tea, nu perenahna di Desa Pasanggrahan, Kasomalang. Ki Sobat, Sahidi, ngahaja nganteur.
Barang srog, enya we ku sareretan oge, sirah cai Cimincul aya ku endah. Sajaba ti aya sirah cai nu bisa dipake kojayan, alam disabudeureunna oge endah jeung asri keneh, jauh beda jeung alam pakotaan.
"Teu bohong, pan?" cek Sahidi bari seuri. Galura unggeuk.
Sirah cai Cimincul teh kaasup tempat wisata nu sok pada ngajugjug pikeun kokojayan atau ukur mandi. Rereana, nu datangna teh urang kota Subang, jeung Bandung.