Ngajarkeun Kamandirian, Siswa SDIT Persis Tarogong Garut Ngalaksanakeun 'Edu Staycation' di Nangewer

- 1 Februari 2023, 14:30 WIB
Dina raraga ngajarkeun karakter mandiri ka siswa, SDIT Persis Tarogong, Garut ngayakeun hiji acara di Kampung Nangewer Desa Sukamurni, Kacamatan Cilawu Kabupaten Garut/Galura/Aam PS
Dina raraga ngajarkeun karakter mandiri ka siswa, SDIT Persis Tarogong, Garut ngayakeun hiji acara di Kampung Nangewer Desa Sukamurni, Kacamatan Cilawu Kabupaten Garut/Galura/Aam PS /

GALURA -  Dina raraga ngajarkeun karakter mandiri ka siswa, SDIT Persis Tarogong, Garut ngayakeun hiji acara di Kampung Nangewer Desa Sukamurni, Kacamatan Cilawu Kabupaten Garut.

Dingaranan "Edu Staycation", eta acara lumangsung 2 poe Jumaah 23 Januari 2023 nepi ka Saptu 28 Januari 2023. Ari pamilonna kurang leuwih 106 siswa.

 

Dina kateranganna, Kapala Sakola SDIT Persis Tarohong 1 Iyus Susanto ngebrehkeun, yen salila kagiatan, siswa dititipkeun di masarakat.

Baca Juga: Cek PP Muhammadiyah, 1 Ramadhan 1444 Hijriah 23 Maret 2023, Ieu Sihoreng Alesanna

Baca Juga: Kasakten Panday ti Sunda, Nyieun Keris jeung Bedog Diemple-Empke ku Ramo

Baca Juga: Panday ti Sunda, Sanggeus Pajajaran Runtag, Sumebar ka Sakuliah Nusantara, pada Ngambeuan

Sajeroning aub jeung masarakat, para siswa teh diajar migawe kabiasaan nu hirup masarakat di Nangewer.

Barudak sakola oge ngayakeun kagiatan nu geus dijadwalkeun kawas ngadongdon sawatara home industry langsung jeung latihanna, oge ngalaksanakeun kagiatan di tempat ibadaha nu aya di masarakat.

"Janten murangkalih ngahaja dititipkeun di masarakat supados tiasa ngalaksanakeun kabiasaan-kabiasaan nu sae, babakuna katerampilan nu bisa diprakkeun di masarakat," cek Iyus.

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x