Patekadan Luis Milla dina Laga Persib vs Borneo FC : Meunang, Neruskuen Tren Positif, 'Mayar Hutang'

- 26 Januari 2023, 13:45 WIB
Luis Milla hayang mawa Persib unggul lawan Borneo FC
Luis Milla hayang mawa Persib unggul lawan Borneo FC /Instagram @sport.indosiar

GALURA - Palatih Persib Bandung Luis Millla boga tekad mawa Persib unggul dina laga lawan Borneo FC di Stadion Pakansari Cibinong, Kabupaten Bogor, jam 15.30 poe Kemis ayeuna.

Sajaba ti sangkan Persib mingkin weweg ayana di papan atas klasemen BRI Liga 1 2022-2023, oge sangkan Persib bisa "mayar hutang", sabab samemehna, dina puteran kahiji wowotan ku Borneo FC.

"Tilu poin tina laga sareng Borno FC ageung pisan pangaruhna ka Persib," pokna.

Baca Juga: Persib vs Borneo FC, Luis Milla : Sumanget Maung Bandung Taya Tandingna, najan Nick Kuipers Teu Maen

Baca Juga: Ieu Jangji Henhen Persib Bandung Nalika Nyanghareupan Borneo FC Kemis 26 Januari, Sangkan Teu Tijalikeuh!

Baca Juga: David da Silva Persib Bandung Siap Makalangan Nyanghareupan Borneo FC, Geus Milu Latihan di Stadion Siliwangi

Sakumaha anu ditetelakeun ku Luis Milla dina laman resmi Persib, pertandingan ngalawanan Borneo FC teh penting kacida keur Persib.

Pentingna, cenah, lain wae pedah hayang neruskeun tren positif Persib (can kungsi eleh dina 11 pertandingan), tapi oge hayang "mayar hutang" ka Borneo nu kungsi ngelehkeun Persib di Samarinda.

Eta sababna, Luis Milla ngaku geus mere parentah ka sakabeh pamaen pikeun makalangan kalawan motivasi nu ngagedur, dinamis jeung positif.

Baca Juga: Kepala Disnakan Kabupaten Ciamis, Ngurus Ingon-Ingon Ngurus Lauk jeung Ngurus Umat

Halaman:

Editor: Aam Permana S

Sumber: persib.co.id


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x