"Bingah tiasa latihan deui. Abdi opat dinten ngaringkuk," cek Ezra sabada rengse latihan.
Ezra ngebrehkeun, basa Ciro Alves nyitak dua gul mangkukna, manehna nyaksian di imah, teu datang ka stadion.
"Ningali Ciro Alves nyitak gul, abdi bingah pisan," pokna.
Baca Juga: Batu Kalde di Pananjung Pangandaran, Titinggal Jaman Prasejarah jeung Jaman Sejarah
Ezra ngaku can apal naha nalika Persib adu hareupan jeung Bali United bakal diturunkeun atawa moal ku palatih Luis Milla.
Najan kitu Ezra miharep bisa diturunkeun ku palatih, sabab awakna geus karasa normal deui cara bihari.
"Abdi bade latihan suhud, tatan tatan mayunan laga lawan Bali United," pokna deui.
Baca Juga: Mangpaat Saledri keur Kasehatan, Cek Ahli Kasehatan Bisa Nyegah jeung Ngungkulan Kanker
Sok atuh, Jang meh Persib jadi juara!***