Batu Kalde Tempat Disumarekeunana Prabu Linggawisesa, Pamingpin nu Kacida Mikanyaahna ka Rahayat

- 8 Februari 2023, 10:30 WIB
Situs Batu Kalde di Pananjung Pangandaran, tempat disumarekeunana Prabu Linggawisesa, raja nu mikanyaah rahayat (Foto: BPCB Banten).
Situs Batu Kalde di Pananjung Pangandaran, tempat disumarekeunana Prabu Linggawisesa, raja nu mikanyaah rahayat (Foto: BPCB Banten). /Picasa/

GALURA. Ceuk sakaol, Batu Kalde atawa Candi Candha Wasi atawa Candi Pananjung nu pernahna di basisir Pananjung Kabupaten Pangandaran teh tempat sumarena raja Galuh, Maharaja Sanghiyang Cipta atawa Prabu Linggawisesa.

Disumarekeunana Prabu Linggawisesa di Batu Kalde Pananjung Pangandaran dipedar dina Babad Galuh. Dicaritakeun deuih kumaha kaayaanana waktu Prabu Linggawisesa disumarekeun atawa dikurebkeun di dinya.

Babad Galuh nyaritakeun waktu patugas karajaan mawa layon Prabu Linggawesi ti Ciputrapinggan ka Batu Kalde di Pananjung Pangandaran. Ceuk Babad Galuh, di sapanjang jalan nu bakal kaliliwatan rahayat rajeg.

Baca Juga: Batu Kalde di Pananjung Pangandaran, Titinggal Jaman Prasejarah jeung Jaman Sejarah

Rahayat nu rajeg sisi jakan teh ti mimiti gapura karaton tepi Batu Kalde. Rahayat teh ngahormat jeung hayang milu nganteurkeun ka tempat reureuhna Prabu Linggawisesa.

Samemeh iring-iringan nu lengkep jeung payung kembar sarta payung agung asup ka lelewek Batu Kalde mah, rahayat teu ingkah ti tempatna. Kabeh mencrong kana abringan nu ngiringkeun laton Prabu Linggawesi.

Eta tandaning rahayat leungiteun ku Prabu Linggawisesa. Keur jumenengna, sang raja nyaah ka rahayat. Surti kana kereteg hate rahayat jeung beurang peuting narekahan sangkan rahayatna raharja.

Ku pamingpin di Kabupaten Ciamis jeung di Kabupaten Pangandaran, dipikacintana Prabu Linggawisesa ku rahyatna kudu jadi sumber inspirasi.

Baca Juga: Mataram Kungsi Sisirikan ka Banten, Pedah Raja Banten Dileler Gelar Sultan ku Raja Arab

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x