Persib vs PSM Makassar, Nu Meunang Nerekel ka Puncak Klasemen, Link Live Streaming jeung Kick Off

- 14 Februari 2023, 14:30 WIB
Persib vs PSM Makassar,  link live streaming , kick off
Persib vs PSM Makassar, link live streaming , kick off /Tangkapan Layar Vidio

GALURA - Saha wae nu unggul dina laga antara Persib Bandung vs PSM Makassar dina minggu ka 24 Liga 1 2022/2023 sore ayeuna, bakal langsung ka puncak klasemen saheulanan.

Ku kituna, laga klasik nu bakal lumangsung ayeuna ditaksir bakal rame, sabab duanana papada hayang meunang, hayang ka puncak klasemen.

Ari lagana, bakal lumangsung di Stadipn Pakansari, Cibinong Kabupaten Bogor kalawan kick off jam 15.00 WIB.

Baca Juga: Bali United vs Persib Bandung, Ilija Spasojevic Absen, tapi Aya Keneh Privat Mbarga, Senterpur Lincah

Baca Juga: Persib Can Kungsi Meunang ti Bali United ti 2017, Laga nu Matak Panasaran, Ieu Link Live Streaming Laga

Baca Juga: Oknum Bobotoh Geus Ngarugikeun Deui Persib Rp 50 Juta, Alatan Maledog Suporter PSS Sleman di GBLA

Sakumaha anu kabaca dina laman Persib, Persib dina nyanghareupan PSM Makassar geus masang target meunang, sabada gedeg jeung Bali United 1-1, minggu kamari.

Pangna hayang meunang, sajaba ti sangkan Persib nerekel deui ka puncak Liga 1 2022/2023 tina posisi tilu ayeuna (kahiji Persija, kadua PSM Makassar), oge sangkan rekord Luis Milla teu eleh salina 16 pertandingan, te locot.

Nurutkeun Luis Milla, ngahontal eta tekad teh pasti teu gampang. Nu matak kitu lantaran PSM Makassar teh kaasup tim nu hade, kompak dina sagala rupana jeung agresif. Kualitas pamaen PSM jeung pangalamanna ge lain bantrak-bantrakeun.

Baca Juga: Karajaan Rajagaluh Diadegkeun ku Dewa Niskala, Raja Manten di Karajaan Galuh

Halaman:

Editor: Aam Permana S

Sumber: Persib co.id


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x