GALURA - Kuliner nu disebut endog lewo has Garut teh saenyana mah emplod tea.
Ngan lantaran emplod has Garut mah beda ti nu sejen, wangunna buleud saukuran endog jeung mucunghulna di Kampung Lewo Kacamatan Malangbong, Garut, Jawa Barat, antukna sok disebut endong lewo, nepi ka ayeuna.
Bejana, urang luar Kampung Lewo, nu mere sebutkan endog lewo teh. Ari urang lemburna mah, awitna nyebut emplod wae.
Baca Juga: Burayot, Kuliner Has Garut Ayeuna 'Ngapung' ka Mancanagara, Lapakna Sumebar di Jawa Barat
Baca Juga: Dua Wisata Kuliner di Bogor, Nasi Sunda jeung Bebek Madura, Mewah tapi Murah, Merenah keur Kulawarga
Baca Juga: Wisata Kuliner di Bogor, Tempat Ngopi jeung Cafe Vibes Bali, Murah, Matak Betah, Hoream Mulang
Ayeuna, nu disebut endog lewo teh kaasup kuliner has Garut nu rea diproduksi ku para pangrajin kadaharan di Garut.
Sajaba ti dijualan di toko-toko kadaharan lelewek Malangbong jeung Garut sejenna, endog lewo oge sok dijualan via online.
Kuliner endog lewo teh ayeuna mah rea wangun, jinis jeung rasana. Kadaharanna henteu dibungkus dapon wae, ku palastik atawa bungkus koran, tapi geus dibungkus modern, make merek deuih.