Persib Can Kungsi Meunang ti Bali United ti 2017, Laga nu Matak Panasaran, Ieu Link Live Streaming Laga

- 10 Februari 2023, 14:05 WIB
Nongton link live streaming Bali United vs Persib Bandung
Nongton link live streaming Bali United vs Persib Bandung /Kolase ligaindonesiabaru.com

GALURA - Aya catetan goreng Persib mun adu hareupan jeung Bali United dina laga liga atawa naon wae ngaranna.

Catetan nu ditujul teh: Persib can kungsi meunang lawan Bali United. Eta teh lain sataun dua taun tapi ti taun 2017 keneh.

Mun teu salah, Persib kungsi gedeg, tapi reremenna mah keok, wowotan, tijengkang wae mun lawan Bali United.

Baca Juga: Persib Nyiapkeun 22 Pamaen pikeun Nyanghareupan Bali United di Maguwoharjo, Ieu Berendelanana

Baca Juga: Cek Sergio van Dijk : Persib Ayeuna Mingkin Kondisif tur Reugreug Ngalengkah jeung Palatih Luis Milla

Baca Juga: Persib Update, Nyanghareupan Bali United di Maguwoharjo, Luis Milla: Level Lawan Satara, Persiapan Kudu Asak

"Ti 2017, Pangeran Biru can kungsi meunang mun adu hareupan jeung Serdadu Tridatu, dina unggal pertandingan," kitu cek laman Persib.

Eta sababna, laga Persib lawan Bali United dina minggu ka 23 Liga 1 2022/2023 di Stadion Maguwoharjo, Sleman, Yogjakarta sore ayeuna jam17.00 WIB, matak ngahudang rasa panasaran.

Mun nilik kaayaan ayeuna, Persib saestuna boga kans gede keur ngarubah hasil salila ieu dina pertandingan ayeuna.

Baca Juga: Di Tatar Sunda Umumna Lembur Make Ngaran Ci, Kuduna Usum Halodo Teu Tigerat ku Cai, Usum Hujan Cai Teu Banjir

Halaman:

Editor: Aam Permana S


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x