Apanan, Persib ayeuna keur meujeuhna mangprang, beda jeung Bali United.
Persib kiwari aya dina tilu besar klasemen, bari ngoleksi niley 45 tina 14 kali meunang, 3 gedeg jeung 4 eleh.
Sedengkeun Bali United cicing di urutan genep klasemen kalawan nyakuan niley 35, tina hasil 11 kali meunang, 2 gedeg jeung 8 eleh.
Baca Juga: Ratu Wilhelmina Kawin ka Pangeran Hendrik, Perkebunan Pasirmalang Diduruk
Ku eta hal katingali yen performa Persib ayeuna keur aya di "luhureun" Bali United.
Eta hal diaku oge ku palatih Persib Luis Milla.
Ngan najan kitu, Luis Milla ngebrehkeun yen Bali United tetep jadi kleup nu dieusian ku pamaren harade. Bali United oge pasti boga motivasi gede pikeun naek deui, jeung masang tekad, bisa ngelehkeun Persib.
Baca Juga: Tasyakur Binimah HPN 2023 di Rumdin, Bupati: Ku Peran Pers Kabupaten Bandung Bisa Kawas Kieu
"Dina laga engke, tetep Persib ulah nganggap remeh lawan. Persib kedah tandang makalangan kalawan sampurn, ti awit transisi nahan serangan nepi ka nyerang lawan," pokna.