Tasyakur Binimah HPN 2023 di Rumdin, Bupati: Ku Peran Pers Kabupaten Bandung Bisa Kawas Kieu

- 10 Februari 2023, 08:57 WIB
Bupati Bandung Dadang Supriatna jeung puluhan wartawan dina beungkeutan PWI Kabupaten Bandung di rumah dinas.*
Bupati Bandung Dadang Supriatna jeung puluhan wartawan dina beungkeutan PWI Kabupaten Bandung di rumah dinas.* /(Dok. SOPANDI)/

GALURA - Bupati Bandung Dadang Supriatna ngondang puluhan wartawan nu kabeungkeut dina Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Kabupaten Bandung ka rumah dinas (Rumdin) di Soreang, Kemis (9/2/2022) peuting.

Ieu ondangan téh dina raraga Tasyakur Bini'mat ngareuah-reuah Hari Pers National (HPN) 2023 tingkat Kabupaten Bandung.

Dadang Suptriatna ngawilujengkeun HPN 2023 ka insan pers. Numutkeun inyana, pers téh salasahiji mitra strategis Kabupaten Bandung. Ku lantaran bantuan pers, Kabupaten Bandung bisa kawas ayeuna.

"Sim kuring miharep sinergitas terus kabeungkeut dugi ka payunna," ceuk Dadang Supriatna.

Nurutkeun Bupati, loba kaberhasilan nu dihontal di Kabupaten Bandung ku peran pers. "Di antawisna salami sim kuring ngajabat 21 sasih, Kabupaten Bandung dilélér 130 pangajén,” pokna.

Baca Juga: Milu Ngareuah-Reuah HPN, Istri Pulisi Diajar Nyieun Video Jurnalistik

Bupati Bandung Dadang Supriatna motong tumpeng dina raraga ngareuah-reuah HPN 2023 di rumah dinas. Dibarengan ku Kepala Dinas Pemuda dan Olahraga Kabupaten Bandung Kawaludin, jeung Ketua PWI Kabupaten Bandung Rahmat Sudarmaji (tengah).*
Bupati Bandung Dadang Supriatna motong tumpeng dina raraga ngareuah-reuah HPN 2023 di rumah dinas. Dibarengan ku Kepala Dinas Pemuda dan Olahraga Kabupaten Bandung Kawaludin, jeung Ketua PWI Kabupaten Bandung Rahmat Sudarmaji (tengah).* Galura Pikiran Rakyat.com).

Ku lantaran salasahiji bantuan pers ogé, ceuk Dadang Supriatna, PAD Kabupaten Bandung ngaronjat luar biasa. "Nu kawitna Rp 960 miliar, dina Desember 2022 kahontal Rp 1,269 trilliun," cenah.

Undakna PAD di Rp 390 miliar ieu, nurutkeun Dadang Supriatna, lain perkara gampil dina kaayaan sasalad Covid-19. Tapi, cenah, Kabupaten Bandung bisa ngaréalisasikeun luyu jeung nu dipiharep.

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x