Hari Pers Nasional, PWI Kuningan Ziarah di Makam Wartawan Entragan Taun 1970-an

- 9 Februari 2023, 17:30 WIB
Sababaraha urang anggota PWI Kabupaten Kuningan, keur nebarkeun kembang di luhureun kuburan Handha Hanafi Suwanda.*
Sababaraha urang anggota PWI Kabupaten Kuningan, keur nebarkeun kembang di luhureun kuburan Handha Hanafi Suwanda.* /

GALURA-Mieling Hari Pers Nasional (HPN),  sajumlah anggota wartawan nu kabeungkeut Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Kabupaten Kuningan, ziarah  di makam Handha Hanafi Soewanda, Kemis, (9/2/2023).

 

Makam Handa, perenahna di Kompleks Pamakaman Astana Gede Cipicung, Kelurahan/Kecamatan/Kuningan.

 

Ceuk Wawan Hermawan JR, anu mingpin ziarah, Handa Hanafi Soewanda teh wartawan HU. Pikiran Rakyat, anggota PWI Kuningan nu aktif dina dunya jurnalistik  mangsa taun 1970-an.

Baca Juga: Dileler Layang Pangajen Budaya Ku PWI Puseur, Acep : Jati Ulah Kasilih Ku Junti

 

Sajaba nyebarkeun jeung ngado'akeun arwah Handa (suargi), sajumlah wartawan nu ziarah di makam teh oge ngado'akeun pikeun arwah wartawan sejenna anu sababaraha taun kalarung ninggalkeun alam dunya.

Ceuk Wawan, sajaba Handa, wartawan di Kuningan nu geus ninggalkeun alam dunya diantarana Budhi Soekarno, wartawan Pemberitaan Angkatan Bersenjata (PAB).

Sudirman wartawan HU. Pikiran Rakyat, Ehon Abdul Hanan Rasilima, Amsori, Willy, Oyon, Yus Darsono, Dhin Prawira, Yayat Duriat, Yayat Ganda Atmaja, Dadih, Jeung Aan Zainul Mustafa Afandi.

Halaman:

Editor: Ajun Mahrudin


Tags

Artikel Pilihan

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x