Hari Pers Nasional 2023 di Medan, Direuah-reuah ku Rupa-rupa Kagiatan

- 8 Februari 2023, 14:23 WIB
Wawakil PWI Jabar jeung IKWI Jabar nu milu ngahadiran acara/kagiatan HPN 2023 di Medan, sajolna di Bandara Internasional Kualanamu, Deli Serdang, Sumut, Senén soré, 6 Februari 2023.*
Wawakil PWI Jabar jeung IKWI Jabar nu milu ngahadiran acara/kagiatan HPN 2023 di Medan, sajolna di Bandara Internasional Kualanamu, Deli Serdang, Sumut, Senén soré, 6 Februari 2023.* /Dok. IKWI/PWI Jabar/

GALURA - Kemis, 9 Februari 2023, meneran Hari Pers Nasional (HPN), poé nu kacida raketna jeung dunya pers di urang.

Malah, sacara nasional mah HPN téh dianggap penting kacida lantaran aya hubunganna jeung sajarah kamekaran pers di urang anu mimitina dipaké alat perjoangan.

Sajarah Hari Pers Nasional ogé raket pisan patalina jeung dibentukna organisasi PWI dina 9 Februari 1946.

Jadi, dina seuseuhanana, dipiélingna HPN téh meneran pisan jeung poéan milangkalana Persatuan Wartawan Indonesia (PWI).

Hari Pers Nasional ditetepkan ku Keputusan Presiden (Keppres) RI No. 5/1985 anu ditéken ku Presiden Soeharto tanggal 23 Januari 1985.

Hari Pers Nasional jadi salasahiji kacindekan tina hasil Kongres PWI ka-28 di Padang (1978). Dina éta kongrés, isu ngeunaan Hari Pers Nasional téh kaungkab tina kahayang tokoh-tokoh pers pikeun miéling peran pers Indonesia dina lingkup nasional.

Ku kituna, munasabah lamun unggal taun HPN teu weléh diayakeun tur “diramékeun” sacara nasional, bari unggal taunna téh pupuncakna acara giliran dipuseurkeun di ibu kota provinsi sa-Indonesia.

Taun ieu, HPN téh dipuseurkeun di Kota Medan Provinsi Sumatera Utara (Sumut). Temana: “Pers Merdeka, Demokrasi Bermartabat”.

 Baca Juga: Ngareuah-reuah HPN 2023 di Sumut, Karya Urang ‘Galura’ Asup Buku Antologi Puisi Wartawan

Halaman:

Editor: Rosyid E.Abby


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x