Di Tatar Sunda Umumna Lembur Make Ngaran Ci, Kuduna Usum Halodo Teu Tigerat ku Cai, Usum Hujan Cai Teu Banjir

- 10 Februari 2023, 10:30 WIB
Cibarani, cinyusu di Situs Samida Rajadesa Ciamis, Jawa Barat. Ngaran tempat, lembur make kecap ci ngandung harti eta tempat loba cinyusu. Halodoi tara tigerat ku cai (Foto: Nanang S.)
Cibarani, cinyusu di Situs Samida Rajadesa Ciamis, Jawa Barat. Ngaran tempat, lembur make kecap ci ngandung harti eta tempat loba cinyusu. Halodoi tara tigerat ku cai (Foto: Nanang S.) /

GALURA -Ngaran tempat atawa lembur di wewengkon Tatar Sunda lolobana nu dimimitian ku ci, komo ngaran walungan mah. Tapi beuki dieu ari usum halodo rea daerah di Tatar Sunda kakurangan cai, walunganana oge ngoletrak.

Ku karuhun dingaranan kalayan hareupna make keca “ci”, upamana Ciamis, Cianjur, Cirebon, jeung sajabana eta teh pedah di Tatar Sunda loba sumber caina, najan keur usum halodo.

Geuningan ari karuhun Tatar Sunda mah mere ngaran tempat dumasar kana kaayaan tempatna, dumasar nu aya di tempatna. Dumasar fakta tempatna loba sumber cai, boh dina   usum hujan boh dina usum halodo oge, ngaran tempat diawalan ku kecap “ci”.

Baca Juga: Desa Sirnajaya Rajadesa Ciamis, Mekarkeun Wisata Religi Samida, Tapi Musola wae Teu Dibangun

Ci teh robahan tina kecap cai. Ari nu dipake ngaran walungan, upamana Ci Tarum, Ci Tanduy, Ci Manuk, ci di dieu nuduhkeun walungan, kali atawa bengawan dina basa Jawa mah.

Make kecap “ci” ngandung harti eta wewengkon teu kakurangan cai. Usum halodo teu kaleuwihan cai, atuh keur usum hujan teu ngalantarankeun banjir.

Usum halodo angger caina cur-cor herang lantaran langsung ti sungapanana atawa walungan nu ngaliwat ka wewengkon bieu caina badag, nyumponan pangabutuh keur tatanen.

“Kapungkur jaman Jepang, saur pun aki kantos usum halodo lamina sataun, namung teu kantos tigerat ku cai,” ceuk Uen, urang Panjalu, Kabupaten Ciamis, Jawa Barat.

Baca Juga: Kabuyutan Pamager Nagara, Ngageuing Pamingpin nu Sakira Rek Mengpar tina Kamanusaan

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x