Putri Anjungsari (23), Imah Hasan Dibegal jeung Didatangan ku Prajurit Cirebon

- 10 Februari 2023, 05:30 WIB
/

PANGNA jadi teu betah?”

“Banjar karang pamidangan kula Pakuan Pajajaran. Bali, tali ari-ari kula dikubur di Pakuan Pajajaran. Getih kula kandel Pajajaranana. Kula teu narima urang Carbon ngarebut Sunda Kalapa, najan geus lila kajadianana. Pajajaran mah teu salah. Gajah Mada jeung Hayam Wuruk ogé teu wanieun ngarurug Sunda,” ceuk Hasan, sorana tatag.

Béna mencrong Hasan.

“Ageman anyar kula nu sarua jeung raja Carbon teu ngajarkeun ngakaya papadamanusa. Jaman dicangking kénéh Pakuan Pajajaran, di Sunda Kalapa geus loba nu ngagem  agama nu ayeuna ku kaula dianut. Ku Pakuan Pajajaran teu dikukumaha. Atuh luluhur urang milu ngadeudeul dibangunna Pondok Quro. Naon salahna Pajajaran?” ceuk Hasan bari rada semu keuheul.

Béna unggut-unggutan. Ari Putri Anjungsari ngucel tungtung karémbongna. Panonna semu bareubeu, ujug-ujug ingetan ka Pakuan Pajajaran, ingeteun ka lanceukna, Déwi Purnamasari.

“Atuh pindah ageman deui?” ceuk Béna.

“Henteu. Ageman kula nu ayeuna geus masagi. Kula jadi leuwih wanoh ka Sanghyang Tunggal. Di dieu kula ngawanohkeun ageman kula. Alhamdulillah hiji-hijieun mah katajieun,” ceuk Hasan.

Ngadéngé kecap  alhamdulillah Putri Anjungsari, Béna, jeung Ranah, tingharuleng. Teu ngartieun. Nempo sémah kitu, Hasan karék sadar sémahna béda ageman jeung dirina.

“Geus peuting, geus waktuna reureuh,” ceuk Hasan nyalénggorkeun caritana. “Nu duaan mah saré di pangkéng di jero imah. Dia mah di pangkéng tepas, hég, di patengahan ogé hég.”

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x