Kabuyutan Pamager Nagara, Ngageuing Pamingpin nu Sakira Rek Mengpar tina Kamanusaan

- 5 Februari 2023, 13:00 WIB
Salahsahiji bangunan di Kabuyutan Ciburuy di tutugan Gunung Cikuray, di Kabuyutan Ciburuy t di Desa Pamalayan, Kecamatan Bayongbong, Kabupaten Garut.
Salahsahiji bangunan di Kabuyutan Ciburuy di tutugan Gunung Cikuray, di Kabuyutan Ciburuy t di Desa Pamalayan, Kecamatan Bayongbong, Kabupaten Garut. /

GALURA -Naon ari kabuyutan? Kabuyutan di jaman bihari minangka pamager lembur, ngalaksanakeun parentah raja, mupusti amanah para luluhur jeung mageran pangaruh fihak sejen anu bakal ngarugikeun kana tatanan kahirupan lahir batin.

Kabuyutan oge tempat medalna papagon, tetekon, aturan, ugeran, jeung
Tempat raja ngageuing raja mun ucap, tekad jeung lampahna mengpar tina kamanusaan.

Ngeunaan kabuyutan aya hiji dongeng anu henteu kungsi kacatet dina lambaran sajarah, nalika Prabu Siliwangi ngawangun benteng Pajajaran. Inyana ngaluarkeun titah atawa parentah ka balarea.

Baca Juga: Putri Anjungsari (18)

Ceuk Prabu Siliwangi: mihape leuweung tutupan, mihape leuweung titipan. piara leuweung garapan. Ieu aya patalina jeung kabuyutan.

Harti leuweung tutupan: leuweung anu ngandung sajarah kahirupan bangsa jeung nagara. Leuweung tutupan sama sakalu teu meunang diganggu.

Anu disebut leuweung titipan hartina leuweung titipan para luluhur anu disebut kabuyutan. Di dinya sok aya tempat ngariung para intelektual jaman baheula.

Ari leuweung garapan hartina leuweung anu bisa digarap pikeun kapentingan kahirupan balarea.

Baca Juga: Kawah Putih di Gunung Patuha Kungsi Dianggap Puseur Karajaan Jin, Ayeuna Jadi Destinasi Wisata Unggulan.

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Pemilu di Daerah

x