Di Tatar Sunda Umumna Lembur Make Ngaran Ci, Kuduna Usum Halodo Teu Tigerat ku Cai, Usum Hujan Cai Teu Banjir

- 10 Februari 2023, 10:30 WIB
Cibarani, cinyusu di Situs Samida Rajadesa Ciamis, Jawa Barat. Ngaran tempat, lembur make kecap ci ngandung harti eta tempat loba cinyusu. Halodoi tara tigerat ku cai (Foto: Nanang S.)
Cibarani, cinyusu di Situs Samida Rajadesa Ciamis, Jawa Barat. Ngaran tempat, lembur make kecap ci ngandung harti eta tempat loba cinyusu. Halodoi tara tigerat ku cai (Foto: Nanang S.) /

Taun 1960-an oge kungsi halodo lilana 6 bulan, henteu tepi ka kakurangan cai. Cinyusu angger ngocor najan debitna ngurangan. Kitu deui walungan, henteu tepi ka ngoletrak.

Ari ayeuna kumaha? Teu hujan sabulan oge debit cai cinyusu jeung walungan ngurangan pisan. Usum halodo cinyusu mah rea saat.

Cai Waduk Jatigede nu sumberna ti Ci Manuk mun usum halodo caina ukue 10 persen tina kapasitas daya tampungnma. Atuh tempat-tempat nu ku masarakat dianggap ngandung ajen sejarah nu tadina kakeueum cai narembongan deui.

Sabalikna usum hujan cai walungan ngagulidag, umpal-umpalan tepi ngadatangkeun banjir atawa caah dengdeng (banjir bandang). Caina limpas, naek kana gili-gili, ngaleled sakur nu aya di sisi walungan.

Wewengkon Tegalluar, Rancaekek, Dayeuhkolot, Kabupaten Bandung oge tepi ka kaeueum lantaran cai ti Ci Tarum mudal, najan Ci Tarum geus disodet atawa dilelempeng oge.***

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah