GALURA - Pelatih Persib Bandung Luis Milla jangji rek sagancangna ngayakeun evaluasi sabada eleh ti PSM Makassar, 1-2 di Stadion Pakansari, Bogor Salasa 14 Pebruari 2023 kamari.
Sabada evalusi, tim rek dibebenah, malar siap jeung hasilna hade, dina laga nu kudu disanghareupan Persib.
"Ka payun aya keneh 11 laga deui nu kedah dilakonan. Sim kuring bakal ngayakeun evaluasi," cek Luis Milla.
Baca Juga: Persib vs PSM Makassar, Nu Meunang Nerekel ka Puncak Klasemen, Link Live Streaming jeung Kick Off
Salasa kamari, sakumaha pada terang, dina laga bigmatch Persib vs PSM Makassar, Persib tijungkel, eleh 1-2.
Mimitina, Persib meunang ti heula, ngan PSM Makassar bisa mapakan, 1-1. Samalah saterusna Persib tijungkel.
Alatan eta, rekor positif Persib teu eleh ku lawan-lawanna salila 15 laga, pupus.
Baca Juga: Putri Anjungsari (28), Kuda geus Lalempo, Lalampahan Jauh Keneh, Aya nu Mere Tanda ku Haseup