Persib Bandung Kudu Nguniang Hudang Deui, DAVID DA SILVA : Sing Yakin kana Kamampuh !

- 16 Februari 2023, 13:30 WIB
David da Silva striker asal Brasil ngajakan Persib nguniang hudang deui/persib.co,id
David da Silva striker asal Brasil ngajakan Persib nguniang hudang deui/persib.co,id /

Rekor teu eleh sajero 15 pertandingan nu dicekel Persib ge antukna locot.

Nurutkeun David da Silva, sakumna pamaen Persib ulah terus-terusan nyoreang ka tukang, ka pertandingan lawan PSM Makassar nu hasilna teu jauh tina sangkaan.

 

David da Silva ngebrehkeun, urang teu kudu hayang apal kana skenario Allah nepi ka Persib eleh.

Baca Juga: Wayang Golek Diciptakeun ku Sunan Kudus, Populer di Sunda

"Ayeuna mah tinggal sing yakin jeung percaya yen urang boga wewesen. Yu hudang deui," cek manehna.

 

David da Silva minangka pamaen nu nyumbangkeun poin hiji ka Persib dina laga lawan PSM Makassar. Padahal manehna can sehat pisan sabada katarajang hiji kasakit.

Hanjakalna, sumbangan hiji gul teh teu bisa ngalantarankeun Persib unggul sabab lawan bisa ngasupkeun dua, hasil sepakan Ramadhan Sananta jeung Yance Sayuri di babak kadua.***

Halaman:

Editor: Aam Permana S

Sumber: persib.co.id


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah