Dongeng Jurig di Pakampungan Tatar Sunda Ayeuna mah Geus Langka

- 16 Februari 2023, 10:30 WIB
/

 

GALURA -Carita atawa dongeng jurig, prah nyampak di balaréa di Tatar Sunda. Asalna mah di pakampungan. Tapi ayeuna nyaliara ka pakotaan. Malah mindeng disiarkeun dina TV, dina media sosial wangun carita mistik atawa misteri, kalawan rupa-rupa judul nu sénsasional.

Saenyana di pakampungan Tatar Sunda, geus teu pati dipaliré deui sual dongeng jurig teh. Nu baheula dianggap panonoban jurig, kayaning tempat angker, tangkal caringin, hulu cai, jeung sajabana geus areuweuh. Réa nu geus salin jinis jadi kompléks paimahan.

Apan béh ditu mah, di pakampungan Tatar Sunda sohor bangsa jurig. Rupa-rupa jrimna. Rupa-rupa ngaranna. Aya rorongkong, jurig jarian, jurig cai, jurig kuris, kunti, kélong, dedemit, genderuwo, jin, siluman, jeung sajabana. Atuh dongeng jurig oge loba pisan.

Baca Juga: Sompral, Suaban Ngandung Gambaran Kasombongan, Kudu Disinglar, Matak Cilaka

Pangna dongeng jurig teu haneut deui, lantaran di pakampungan geus réa madrasah, pasantrén, majelis ta’lim, jeung rea-rea deui, nu ngajarkeun tauhid. Percaya jeung sieun ngan wungkul ka Alloh SWT.

Harkat martabat manusa nu tauhidna kuat, leuwih luhur batan bangsa jin,sétan, iblis marakayangan sabalad-balad. Malah budak gé geus teu sieuneun ku perjurigan.

Hiji dongéng pakampungan, budak ngéléhkeun jurig, kieu: “Aya budak satepak, balik ngaji bada isa, sorangan. Sajajalan ngapalkeun du’a saméméh dahar nu cikénéh diajarkeun ku guruna.

“Allohumma bariklana fima rozaktana, waqina adzaban nar”. Ya Alloh berkahan rejeki abdi sadaya, sareng tangtayungan abdi sadaya tina siksa naraka.

Baca Juga: Dongeng Kawenehan di Walungan Cimanuk, Nempo Widadari Ngarojay di Leuwi Batuputri

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x