Dongeng Jurig di Pakampungan Tatar Sunda Ayeuna mah Geus Langka

- 16 Februari 2023, 10:30 WIB
/

Harita aya jurig rék nyingsieunan éta budak, handapeun tangkal balingbing nu hieum. Ngadéngé gerendeng du’a, Si Jurig ngabecir. Bari ngadégdég,jeung kukulutus : “Haram jadah, bebencit téh rék ngahakan aing geuning?! Tobaaat ! Ampuuun...!”

Sanajan kitu, ari carita atawa dongéng jurig mah, masih kénéh sok jadi bahan wangkongan. Pangpangna di garduh ronda. Komo tas aya nu maot “baseuh” alatan kacilakaan atawa rajapati. Sok dipapantes sakadaék. Ngan geus tara aya nu sieun. Nu puguh mah seuri tingcalakatak.

Cenah sok aya nu kawénéhan nenjo jurig ngabelegedeg. Tapi tara diaranggap deui. Upama ngaliwat ka tempat rada keueung, haté teteg ku maca patihah, palakbinna jeung aya Kursi.

Ongkoh jurigna geus parindah kana telepisi. Tuh bangsa Ma Lampir, Sundel Bolong, sabatur-batur, balawiri di dinya. Saha nu sieun?

Leungitna kasieun balaréa ku jurig, mangaruhan kana cambalna “elmu gaib” nu bisa nimbulkeun panyakit “misterius” samodél teluh, ganggaong, pélét, gendam, pipahokan.

Kana panyakit misterius masih kénéh aya hiji-hijieun nu mercaya. Minimal lima taun sakali dina usum pilkada, pemilu jeung pilpres, dina pilkades deui.*** 

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah