Carita Purwaka Caruban Nagari Karya Pangeran Arya Carbon, Nganteur Drs Aca ka Pangeran Wangsakerta

- 17 Februari 2023, 10:30 WIB
Guha Sunyaragi di Kota Cirebon. Dibangun ku Pangeran Arya Carbon nu nyusun nasakah Carita Purwaka Caruban Nagari. Ieu naskah ditarjamaahkeun ku Drs Aca.
Guha Sunyaragi di Kota Cirebon. Dibangun ku Pangeran Arya Carbon nu nyusun nasakah Carita Purwaka Caruban Nagari. Ieu naskah ditarjamaahkeun ku Drs Aca. /

 

GALURA -Para ahli sejarah mimiti mikawanoh jeung panasaraneun ka ngaran tokoh Pangeran  Wangsakerta teh sabada  naskah  Carita Purwaka Caruban Nagari meunang nyusun Pangeran Arya Carbon ditranslate jeung ditarjamaahkeun ku Drs Aca.

Carita Purwaka Caruban Nagari karya Pangeran Arya Carbon ditulis taun 1720, make basa Jawa jeung make aksara Jawa, cacarakan. Ku Drs Aca, sajarawan moyan Sunda, disalin kana aksara latin, ditarjamaahkeun kana basa Indonesia.

Taun 1972  Carita Purwaka Caruban Nagari susunan Pangeran Arya Carbon hasil translate jeung tarjamaahan Drs Aca diterbitkeun jadi buku. Diterbitkeun deui taun 1981, diwuwuhan kamandang Ricklefs. Terbitan  taun 1985 diwuwuhan kamandang  De Graaf jeung Pigeaud.

Baca Juga: Karajaan Munggaran di Cirebon nu Ngadegkeunana Walangsungsang, Rundayan Galuh Kawali

Pangeran Arya Carbon, ngaran aslina Adiwikaya nu nyusun Carita Purwaka Caruban Nagari, seuweu bungsu Sultan Sepuh I ti Karaton Kasepuhan.

Ti taun 1706, Arya Carbon ku Kumpeni (VOC) diangkat jadi  opzichter (lulugu) parabupati di Priangan.

Ceuk parasejarawan, Carita Purwaka Caruban Nagari mibanda kadar kasajarahan nu leuwih luhur ajenna  mun dibandingkeun jeung babad. Kituna teh lantaran nyebutkeun sumber bahan keur nulisna.

Kalimat panutup dina  Carita Purwaka Caruban Nagari nyebutkeun ieu carita disusun ku Pangeran Arya Cirebon, dumasar naskah Pustaka Nagara  Kretabhumi  meunang Pangeran Wangsakerta.

Baca Juga: Cirebon Misahkeun Maneh ti Pajajaran, Walangsungsang Ngeclakeun Cipanon

Halaman:

Editor: Nanang Supriatna


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah

x